Entri Populer

Sabtu, 16 April 2011

carpon : artis balik kampung


Carpon Basa Sunda

Artis Balik Kampung
Karya : Putri AAW

Di pusat kota dina kota anu gede, hirup awewe geulis anu kasohor di sakabeh dunya. Eweuh nu te wawuh jeung awewe ieu, kabeh jalmi pasti wawuh ka ieu budak. Ngaran ieu budak nyaeta Islana Marien Lanawati. Awewe geulis ieu teh blasteran Sunda-Amerika anu ayeuna di damel jadi artis International. Umur na karek 15 taun, tapi atos berbakat pisan.
Hirupna semenjak jadi artis, jadi ogo pisan. Sagalana the mewah-mewah, nepi ka teu inget ka kaluargi na kusabab sibuk di dunya na anu mewah atawa inggrisna mah glamour. Islana oge, anu biasa dipanggil Iis ieu, sanajan hirup glamour manehanana oge hirup dina kepalsuan. Kusabab eta, Iis bade di bawa ku kulawargana ka kamoung halamanna, nyaeta di tanah Sunda.
“Is, hayu urang sarerea balik heula ka Sunda, supados tiasa nenangkeun otak maneh anu geus rada kahipnotis!” saur Bapa Iis atawa Bapa Lana.
“WHAT? Ka Sunda? Hareudang ari Bapa diditu mah, palingan oge Iis bakalan digawe di kebon nini, alim ah!” waler Iis nu rada ngambek.
“Eh, keun we atuh, poko na mah wajib ngiring. Isuk-isuk urang sakaluwarga tos terbang kaditu! Sagala padamelan didieu di cancel heula ku Bapa!” saur Bapa.
Sanajan Iis alim ngilu oge, hayang teu hayang mah Iis kudu ngilu.
Isukanana, kulawargi Bapa Lana ieu tos terbang ngagunakeun kapal terbang pribadi kulawargina. Sababaraha jam lewat, nepi weh kulawargi Lana di Sunda. Memang rada panas, tapi mun di kampung kulawargana mah henteu, udarana teh sejuk pisan.
Perjalanan ka kampung teh ngagunakeun bus. Salila na di perjalanan, Iis teh gigiberan weh make hihid anu tos disiapkeun ku Bapa Lana. Ieu sadayana teh tos direncanakeun ku Bapa Lana pikeun Iis anu tos poho kana adat sorangan.
Teu lila, nepi weh kabehanana teh di kampung, bumi na nini Iis. Nepi di bumi na nini Iis, can nanaon teh Iis geus dititah gawe ngabantuan nini na di kebon.
“Iis! Kadieu geulis, bantuan nini ngarit heula!” titah Nini Lana.
“Muhun Ni!” waler Iis.
Iis teu bisa ngabantah, sabab Iis teh rada sieun ka Nini na anu masih keneh perkasa.
“Tah kitu atuh Is, digawe ngarit, hirup sederhana!” saur Bapa Lana.
“Alus Is.” saur Ibu Lana.
“Sumuhun Ibu Bapa sakalian!” waler Iis rada ngambek.
“Sing rapih atuh Is!” titah nini.
“Muhun ni!” waler Iis rada sieun.
Poe eta, Iis gawe capee pisan, tuluy sare weh eta budak geus ngarit di kebon jeung nini.
Isuk-isuk na, Iis tos hudang, da dihudangkeun ku nini na. Isuk-isuk eta the, Iis geus dititah nyabutan sampeu di kebon nini.
“Euh, isuk-isuk geus digawe kieu, jaba kuku kararotor deui, loba kuman eh!” Iis aambekan.
Tah, pas Iis keur nyabutan sampeu nu rada hese, budak eta the dek jatoh, tapi di tukangeunana aya lalaki anu nahan Iis.
“Eh eh, nuhun nya!” saur Iis.
“Sami-sami Is.” saur lalaki eta.
“Eh, terang name abdi, kela-kela asa wawuh!” saur Iis bari mikir.
“Ujang!” saur Iis.
“Muhun Is!” saur Ujang bari mesem.
“Damang Jang? Iis sono, tos lila teu papanggih!” saur Iis bari seuri.
“Alhamdulillah, sami abdi oge. Iis na sibuk wae sih, atos jadi artis!” saur Ujang.
“Hehehe, muhun Jang!”
Dina poe eta Iis jeung Ujang ngobrol sambil nyabutan sampeu di kebon.
Poe ka poe tos dijalankeun ku Iis di kampung. Iis atos ngarasa nyaman hirup di kamoung, kusabab papanggih jeung rerencangan harita na anus ok ameng bareng, Iis oge tos biasa digawe dikebon jeung nini. Poko n amah rarasana Iis teh teu hayang uih deui ka kota anu nyibukkeun hirup na Iis. Nepi ka hiji poe…..
“Is, isuk balik ka Amrik deui!” saur bapa.
“WHAT?! Ari bapa, kunaon meni geuwat-geuwat teuing” saur Iis.
“Atos 3 minggon ari Iis, diditu ge Iis kan kudu gawe deui, ngahibur fans-fans!” saur Ibu.
“Atuh Ibu, Iis betah keneh.” waler Iis sedih.
“Nya teu bisa kukumaha deui geulis, mun saur bapa isuk uih, nya uih!” saur ibu nasehatan.
Isuk-isuk na Iis pamit ka nini sareng Ujang. Sateu acan uih, Ujang masihan Iis kenang-kenangan meh teu hilap deui ka kampung Sunda na. Iis oge ahirna nyadar, bahwa mun ti kampung mah nya ti kampung we, bakal betah di bumi sorangan tipati bumi anu sanes.








Taun ajaran 2010/2011

karokean asik di PC

nah semuanya gue dikasih tau temen ada aplikasi buat karokean di PC, asik loooooh, pas muter lagu langsung ada lirik berjalannya gitu kayak di acara-acara TV ;D
info lebih lanjut lo langsung aja ke web>>>  http://www.crintsoft.com
ini contoh tampilan di PC nyaaa ;)
 

DIJAMIN MANCAAAAAAP :D